Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Widget Atas Posting

Wisata mirah, reu'eus ka na manah, Pasir Langlang Panyawangan

Wana Wisata Hutan Pinus, Pasir Langlang Panyawangan
Purwakarta Online - Mun ngadon piknik ka wanawisata Pasir Langlang Panyawangan, urang bakal mendakan mangrupi-rupi wahana. Wahana na aya nu alami sapertos curug, aya ogè anu buatan sapertos flying fox.

Asal daèk ngaprak na, da èta mangrupi-rupi wahana tèh saleres na ngagunduk di hiji wilayah. Tah ayeuna urang papay, urang bahas hiji-hiji:

1. Leuweung Pines

Suasana leuweung, ieu nu jadi destinasi paling utama. Karaos adem matak salsè ka na mastaka. Leungit kabèh karuwet jeung kasusah. Loloba na jalmi nu datang ka dieu, paling lila pasti nganikmati leuweung pines. Bari dadaharan, ngawangkong atawa ngopi jeung kaluwarga atawa jeung babaturan.

Reportase Trans 7

2. Curug

Curug Pamoyanan
Curug ieu aya dua, kahiji curug pamoyanan anu lokasi na langkung caket ti tempat parkir, paling gè sekitar 200 mèter. Nu ieu seueur disumpingan, margi caket na, jalan na langkung gampil sareng rèlatif langkung aman ti na rèsiko mangrupa sasatoan liar.

Anu kadua curug Manahrasa, jarak na sekitar 400 mèteran ti tempat parkir. Dugi ka ayeuna masih jarang disumpingan, margi mèdan na sesah ditempuh, jarak na langkung tebih sareng paur teu aman ti na sato liar.


Di curug manahrasa masih sok kapendak maung sareng oray. Ku pengelola wisata sareng ku polisi hutan ogè teu disarankeun kanggo disumpingan, kecuali kènging izin ti pihak berwenang, anu biasa na dianteur ku kuncèn.

3. Guha Jepang

Guha Jepang, Pasir Langlang Panyawangan
Ieu guha mèmang masih misterius, sabab naon? Sabab jalmi-jalmi anu ngiring romusha, alim masihan informasi. Padahal di jaman jepang ngajajah Indonesia aranjeun na kerja paksa ngadamel èta guha kanggo kaperyogian militèr Jepang.

Mung pangangken na, sadaya penduduk anu terlibat romusha disumpah supados teu nyarioskeun sagala rupi naon anu dikerjakeun. Duka kumaha, sadaya saksi hidup leres-leres komitmen teu ngabocorkeun èta informasi.

Padahal seueur pihak anu panasaran sareng peryogi ka na informasi. Guha pas nuju "mimiti" kapendak, mangrupikeun liang alit, mung lebet sirah jalema.

Dianggè sayang landak, posisi na di na gawir janten ampir teu katangèn ku sasaha. Nya ayeuna mah liang panto guha na tos diageungan, lebet jalmi mung kedah rada ruku.

Dilebet na poèk aya kamar-kamar, anu diperkirakeun mah ruang-ruang anu fungsi na rupa-rupa. Tapi pengelola wisata teu acan masih izin kanggo pengunjung lebet ka jero pisan, margi sieun aya jebakan sareng ranjau-ranjau anu teu acan diamankeun.

4. Camping Ground

Camping Ground, Pasir Langlang Panyawangan
Pengunjung ti nu tebih seueur nu ngèndong di dieu. Nu kèmah atanapi ngadon nyieun acara. Khusus kanggo nu badè kèmping, parantos sayogi pètak na.

Spot na kantun milih, aya anu iuh di na handapeun tatangkalan. Aya ogè anu salain iuh ogè tiasa ningal èndah na pamandangan ti wengi kota Purwakarta sareng Bendungan Jatiluhur.

5. Flying Fox

Flying Fox, Pasir Langlang Panyawangan
Taaaah...ieu mah wayah na kedah rada ngantri biasa na. Cocok jang uji nyali, ngadu kawani, ngagulantung teras nyorosod di na kawat beusi (Sling).


Lain heureuy, tarik na nyorosod bari ngagulantung di na flying fox èta tarik pisan, èta wèh jalema teu aya nu teu ngajerit nalika nyorosod na. Pami gaduh panyawat jantung mah, siga na ulah naèklah, bilih teu kiat, bilih kumaha onam.

5. Aula Bale Riung

Aula Pertemuan Terbuka, Pasir Langlang Panyawangan
Pami kinten-kinten rombongan hoyong ngariung balakècrakan, siga na mending pesen kanggo nempatan aula. Sisi na teu nganggè bilik, mung saukur nganggè pager kai jang pamantes wungkul.

Janten sepoy-sepoy angin mah tangtos tiasa kanikmati. Posisi na di luhur bèh tonggoh, lumayan privasi lah. Tapi caket ka tajug sareng ka jamban umum.

6. Liwet jeung Kopi

Bisa pesan paket liwet
Hoyong mayoran tapi horèam masak jeung babawaan ti imah, heug. Kantun pesen paket liwet, hoyong sareng naon deungeun na kantun milih kantun pesen. Kitu deui pami hoyong ngopi, di caket parkiran barang jol pan aya warung kang rojèb. Merenah poko na mah lah.

Lokasi:

Spot selfie khas Pasir Langlang Panyawangan
Wanawisata Pasir Langlang Panyawangan tèh aya na di Kalèreun Gunung Burangrang wilayah kehutanan (KPH) Bandung Utara, lebet hutan Pangkuan Desa Pusakamulya. Anu dikelola na ku LMDH Giri Pusaka, akses jalan na ti Dusun Pasirmuncang Desa Pusakamulya Kecamatan Kiarapedes Kabupaten Purwakarta. (enjs)