Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Widget Atas Posting

Video: Kaèndahan anu tersembunyi, Jarambah ka Curug Tilu, Purwakarta

Purwakarta Online - Aya channel youtube JARAMBAH LUR, krèasi na budak Purwakarta, anu katingali na tèh di na tiap video na siga nu asik pisan. Ngaèksplor kaèndahan alam Indonesia, unik na lain tempat-tempat wisata anu kondisi na tos 'aman' jang diulinan, malah nga aprak tempat-tempat èksotis anu masih liar tur angker.

Tah ieu conto na, jarambah ka Curug Tilu, duka di palih mana Purwakarta na. Mung pami disidik-sidik mah, aksès jalan ka tempat èta siga anu teu acan dialus-alus. Tapi da ari barudak Jarambah mah, mèmang kahayang na ulin ka tempat anu can pati kapiwanoh ku jalema loba.

Pernah Uing gè milu ulin jarambah di jeung barudak èta, ka daèrah Sakambang anu ngkin sanès waktos urang bahas. Teuing saha 'personil' inti ieu Jarambah Lur, ngan harita mah urang diajak na ku Kang Yudi Agustian, pegiat seni peran, terus aya Kang Pikoy (uing poho ngaran asli na mah. Terus aya Kang Yudis jeubg Kang Kinoy.

Tah ieu video Jarambah ka Curug Tilu, wilujeng lalajo kaèndahan alam Purwakarta!



Berita ahèng lain na:
Cuplikan 12 gol syantik Bagus Kahfi di Piala AFF 2018

Profil 5 budak Purwakarta, anu mengharumkan nama Indonesia di kompetisi maèn bola Internasional.

Mengerikan!!! TKW Purwakarta pulang tanpa uang, malah ripuh patah tulang